Tugas
Ngawawancara
Tema :
Kagiatan Donor Darah
Info Narasumber
Ngaran
narasumber : Ami Amelia
Alamat :
Kp.Papandayan
Jabatan
di organisasi : Ketua PMR
Waktu :
Jum’at 18 Nopember 2001 / 11:45
Tempat :
Ruang PMR
Anu ngawawancara
~ Hilda
Sopiani
~
Nenden Maesaroh
~ Ikbal
Taufik Sanusi
~ Fikri
Novan
Kelas : XI $3
_Eusi
Wawancara_
“ Sakeclak Pikeun
Sanyawa”
Naon
ari kagiatan donor darah teh ?
Donor
darah teh nyaeta salah sahiji kagiatan PMR anu dirojong ku UDD (Unit Donor
Darah) salaku anu mere fasillitas keur ieu kagiatan. Dina ieu kagiatan urang
bisa nyumbangkeun getih urang pikeun ngabantu sasama anu ngabutuhkeun getih.
Naon
wae syarat-syarat anu kudu diperhatikeun
sangkan urang bisa donor darah ?
Kahiji,
umur urang kudu geus 17 taun, kadua,beurat awak sakurang-kurangna 45
kg,katilu,henteu ngabogaaan panyakit HIV,hepatitis B,hepatitis C jeung
paru-paru.kaopat,henteu eukeur dina waktu berobat jalan,kalima,tekanan getih
60/120 hb,kagenep,henteu eukeur dina kaayaan mensturasi,hamil,atawa
nyusuan.terahir,henteu eukeur dina kaayaan boga tatu anu bisa nimbulkeun
infeksi.
Kumaha
prak-prakanana donor darah teh ?
Kahiji,nu
dek jadi pendonor kudu daftar heula ngeusian formulir ,terus kadua,dipariksa
beurat awakna,golongan darahna,jeung kasehatanana.terahir,nu ngadonor dititah
ngagoler terus kana leungeuna bakal ditojoskeun jarum husus anu bakal nyedot getihna kana labu atawa
wadah husus pikeun tempat getih.
Naon manfaat tina kagiatan donor
darah teh ?
Manfaatna
urang bakal ngarasa awak urang leuwih sehat jeung bugar sabab awak urang anu
geus dicokot sawareh getihna bakal ngaproduksi getih anu anyar anu leuwih
beresih, kadua,sacara henteu langsunggeus mariksakeun kasehatan awak sorangan
sabab,dina prak-prakanana ayabagian dimana kasehatan urang di pariksa,manfaat
sejena urang tangtu insyaAlah bakal meunang pahala kusabab ieu kagiatan
teh asupna kana kagiatan amal ,malahan basa jaman baheula mah di Mesir donor darah
teh dianggap amal anu paling
hade-hadena.
Tah
saenggeus ngalakukeun donor darah teh, salain meunang manfaatna,aya efek
samping anu negatif atawa henteu ?
Pikeun
jelema anu sehat mah moal aya efek samping nanaon,tapi pikeun jelema anu ngalakukeun
donor darah dina kaayan anu teu sehat atawa henteu fit enggeusna bakal ngarasa
lieur pikeun sababaraha waktu kahareup.
Sababaraha
waktu ka tukang di sakola ieu pernah
diayakeun kagiatan donor darah,tah sabenerna naon tujuan diayakeuna di sakola ?
Salain
kusabab ieu kagiatan the mangrupa kagiatan rutin, anu paling penting mah
sangkan para siswa wanoh kana kagiatan donor
darah sarta manfaatna. Anu kadua, nepi ka kiwari can aya pan pabrik anu
mampu ngaproduksi getih jeung da moal aya pabrik anu bisa ngaproduksi getih
jelema mah .Tah kusabab kitu urang boga
kawajiban pikeun ngabantu sasama ngaliwatan ieu kagiatan donor darah sakaligus
ngawujudkeun prinsip kemanusiaan nu aya di nagara ieu.
Anu
terahir,kamana getih anu menang ngadonorkeun teh ditepikeunana
?
Kahiji
mah pasti langsung ka Laboratorium heula pikeun ditaliti cocok atawa henteuna,
terus di pisah-pisahkeun per golongan getihna,anu saterusna di kirimkeun ka
tempat-tempat anu ngabutuhkeun saperti Rumah Sakit atawa tempat anu keur
ditimpa musibah.
Kacindekan : Donor darah teh
kagiatan anu loba manfaatna,salain pikeun kasehatan oge pikeun ngabantu
sasama anu ngabutuhkeun,sakaligus mangrupa wujud amal soleh urang di dunya.
No comments:
Post a Comment
jadilah yang pertama memberi komentar :)